NGALAP ELMU

PDFCetakEmail

Publikasi - Arsip Artikel Dosen

Dina basa Sunda aya paribasa anu unina kieu: Elmu tungtut, dunya siar. Maksudna, enggoning hirup téh boh élmu boh dunya kudu terus diihtiaran sangkan bisa kapimilik. Naha kudu boga élmu? Sabab élmu modal pangabisa, bekel ningkatkeun ibadah. Elmu naon waé? Rupa-rupa, sajumlahing cabang kahirupan: élmu tani, élmu dagang, botani, kaséhatan, élmu kaguruan, téknologi, astronomi, jrrd. Nu penting élmu anu mangpaat.

Kadunyaan ogé, nya éta harta banda, ceuk éta paribasa kudu disiar, ditéangan. Sarua éta ogé bekel ibadah. Urang bisa dahar bisa maké téh, ngabiayaan itu ngabiayaan ieu,  bisa nyakolakeun anak, bisa nulungan batur, jrrd. lamun aya pangaboga. Dina keur teu boga mah, lapur.

Tina élingan éta paribasa, aya alusna lamun urang beuki ati-ati nyanghareupan hirup téh. Waktu téh ulah dimonyah-monyah teu puguh. Kudu dieusian ku gawé anu mangpaat. Meungpeung ngora, meungpeung cageur, meungpeung aya kénéh umur. Patali jeung éféktivitas waktu dina al-Qur’an surat al-‘Ashr (104: 1-3) Gusti Allah ngadawuh kieu (pisundaeunana): “Perhatikeun waktu! Saéstuna manusa téh enya-enya aya dina karugian. Kajaba jalma-jalma anu ariman jeung ngalampahkeun amal soléh jeung anu silihwasiatan kana haq jeung anu silihwasiatan kana kasabaran”. (Iswas)